Senin, 05 Oktober 2015

Leuweung Ngebul

Ciamis, 05 Oktober 2015
Haseup Nu Matak Seuseuk
Unggal Poe nu Maturan
Ti Mimiti Sare Nepika Sare

Seuneu
Nu teu Dek Pareum
Nu Ceunah Di Haja Di Jegurkeun
Tapi Teuing Kusaha
Da moal aya nu ngaku, moal aya nu mere beja
Paling aya oge anu mere itu, duit geuning

Sapoe dua poe Leuweung terus ngebul
Bulan manggih bulan leuweung nu jadi ceurik
Tahun ngaradapan tahun jalma leutik nu jadi ceurik
Tapi Unggal Poe Jalma Nu gede beuki gumede, beuki gede beuteung na, beuki gede loketna, beuki gede imahna

Iraha ceunah seuneu Leuweung Pareum??
Iraha atuh Gunung Seuri Deui??
Jeung Iraha Manuk jeung Monyet Balik Deui Ka Imahna??
Iraha Haseup teh teu mulek deui??
Iraha Atuh Maneh Sadar??

0 komentar:

Posting Komentar

Design by BlogSpotDesign | Ngetik Dot Com