IMAH UYUT
Laskar panggung Bandung
Di Lembur Panineungan
Nu Geus Lawas Teu Diteang
Imah Uyut Teu Weleh Tembong
Unggal Peuting Saban Beurang
Teu Daek Leungit Embung Nyingkah
Tina Ingetan, Implengan Tur Lamunan
Ngarasakeun Cikopi Panas,
Mesek Bubuy Hui Boled Nu Cikeneh Di Jaitna Hawu
Leungit Songsong Nu Jadi Lebu
Gunung- Gunung Jarangkung Ngalingkung
Atra Katenjo Di Sakuriling Imah Uyut,
Imah Uyut Kuring
Tatangkalan Leubeut Minuhan Lembur, Ting Arendag Ka Teunggeul Angin
Sora Cai, Sora Cai Nu Ngagguruh Ti Walungan..............
Asa Ti...............................is Kana Hate
Nineung Ka Imah uyut, Sono ka Lembur Uyut,
Kamana Neangna ??
Kumaha Nyorangna ??
Imah Uyut Geus Leungiteun Gunung
Imah Uyut Geus Leungiteun Leuweung
Leuweung Geus Teu Boga Pangawasa, Lantaran Leuweung Geus Ka Halangan Ku Gedong- Gedong Sigrong
Imah Uyut Geus Leungiteun Hawu
Hawu Geus Teu Boga Pangawasa,
Lantaran Hawu Geus Di Kudeta Ku Kompor Gas
Imah Uyut Nu Kiwari
Lain Imah Uyut Nu Bihari
Lembur Nu Ayeuna
Lain Lembur Nu Baheula
Kuring Nineung Ka Imah Uyut....
sumber gambar : http://www.panoramio.com/photo/50146512

0 komentar:
Posting Komentar